Create New Playlist

Add a cover pic of your own choice

(Optional)

Name

AI Cover Generator

4 credits

Not enough credits (0/4).

Logout

Are you sure you want to Logout?

Close

Mojang Cimahi 2 by Endah

SongGPT
Mojang Cimahi 2 by Endah - Sundanese Pop,both vocals music cover art

Mojang Cimahi 2

Sundanese Pop,both vocals

0:003:47
Lyrics
Description
[Verse]
Kaliki gunung pipisan
Di handapna loba teki
Lalaki nu kolot pisan
Disebutna aki-aki
Digawe ukur nyeuseuhan
Bari ngala kini-kini
Awewe nu kolot pisan
Disebutna nini-nini
[Chorus]
Badak handapeun kalapa
Depa na tumpukan batu
Budak teu indung teu bapa
Disebut budak pahatu
Ditonggoh melak kaliki
Dirambatan akar seureuh
Ari kabogoh lalaki
Disebutna teh beubeureuh
Ditonggoh melak kanyere
Daunna beeak ku embe
Ari kabogoh awewe
Disebutna teh be bende
[Bridge]
Oh. Oh..
Endah Este mojang Cimahi
Mojang anu geulis
[Instrumental solo]
[Verse 2]
Kaliki nu di Manglayang
Dibawa ka Rancakole
Ari bijil bulu mayang
Sami jeung baleg tampele
Kamarina meuli bedog
Isukna mah meuli patlot
Hartina kokolot begog
Niru kalakuan kolot
[Chorus]
Karung butut na karanjang
Dipiceuna ka Cililin
Ari nu disebut bujang
Lalaki nu acan kawin
Tong rusuh lamun digawe
Malah mah kudu disiplin
Anu disebut cawene
Awewe nu acan kawin
[Outro]
Oh. Oh..
Endah Este mojang Cimahi
Mojang anu geulis